Advertisement

Ulat Bulu teh Hileud



kantos ninggal ulat bulu (hileud)? tah hileud keur pandangan manusa mah geuleuh pikasieuneun ku merangna tapi sabenernamah eta hileud teh hirupna teu lami hadirin, kumargi dina hiji mangsa/waktu eta hileud teh bakal ngalaman kana fase dimana eta hileud kudu asup kana kepongpong, tah dina waktu sababaraha poe.. namun beres tidinya eta hileud teh bakal bijil deui tapi dina kaayaan jauh jeung asalna malihan mah nu asalna pikasieuneun cek basana jadi indah ganti rupa ganti raga sabab nyatana geus berubah jadi kupu-kupu anu indah, kalawan jangjang anu beragam. 

pelajaran anu tiasa kuurang ditukil tina eta proses jadina kupu-kupu nu asalna hileud teh kahijina yen nandakeun kaagungan allah swt terusna te aya istilah hese kanggo allah pikeun ngarubah hiji bentuk kana bentuk sejen atanapi ngarubah anu beleger kana ancur, tah diantawisna perubahan ieu hileud jadi kupu-kupu teh ngarupakeun tanda kakawasaan allah swt melalui proses perubahan anu diatur jeng ditangtukeun ku allah swt, ayeuna lamun proses metamorfosa  ieu diterjemahkeun kana kahirupan urang mangka waktuna dimana manusa hayang  ngajadi insan anu lebih soleh (taqwa)

momen anu paling pas anu paling mantap nyaeta ketika ayeuna urang keur dina bulan ramadhan.urang sepertikeun we  dibasakeuna urang asup kana kepongpong ramadhan terus sagala aktifitas  urang saluyu sajalan jeung ketentuan-ketentuan "metamorfosa ramadhan" ti allah, insya allah pas urang bijil tina ieu kepongpong ramadhan atanapi bulan ramadhan urang tiasa jadi kupu-kupu tea, nyandak hasilna nyaeta muttaqin tea nu asalna hileud ngamerangan kabatur, lamun urang asalna tukang ngeselkeun batur atuh pas geus ngalaksanakeun saum maha jadi pikaresepeun batur utaminamah pikaresepeun ku allah swt, sakumaha nu kauninga ku urang sadayana kan nu jadi tujuan urang puasa sanes idulfitri sanes lebaran lain baju weuteuhna tapi hate anu weuteuh lamun dina komputermah diformat ulang supaya virusna leungit sangkan nepi kana dawuhan allah swt nyaeta  la'alakum tattaqun.

tah numana atuh proses metamorfosa ramdhan teh nu paling hesena nyaeta ngalatih diri supaya bisa ngajaga menguasai hawa nafsuna tina kagorengan jeung kamaksiatan allah swt parantos ngadawuh dina salahsawios surat dina Al-qur'an surah anaziat ayt 40-41 "jeung saenyana jalma nu mikasieun kana kadudukan pangerana jeung nahan diri tina  nafsuna maka saenya-enyana surga anu jadi tempat pangbalikana"   ngendalikeun hawa nafsu nharupakeun hiji hal anu berat pikeun urang sabab sabenernamah cenah ari nu ngarana hawa nafsu mah aya nu ngabina.. saha nu ngabinana terang te? nyaeta syetan  jadi si syetan teh aktif ngarahkeun hawa nafsu urang kana jalan kamaksiatan

tah di bulan ramdhan ieu teh pan syetan teh dirangket ku allah swt tah didieu kasempetan urang pikeun leuwih bisa ngendalikeun hawa nafsu mempeng euweuh nu ngabina na nyaeta syetan tea tah kumargi kitu jadi dibulan ramadhan ieu teh urang kudu aya peningkatan  jadi ulah ngan saukur nahan lapar jeung dahaga hungkul tapi setiap anggota urang kudu bisa puasa tina ngalakukeun ma'siat dugika satutuluyna,

jadi lain artina bulan ramadhan te menang maksiat terus bulan syawal menang maksiat malihan mah sabenernamah katingali alus atawa hente na puasa urang teh tatkala urang geus kaluar tina eta bulan ramadahan,lamun ayeuna sholat urang bener jeung hentena tingalina tatkala geus beres sholatna kan innasolata tanha anil fahsya iwalmunkar naha sakabeh nusolat geus bisa tanha 'anilfhahsya iwal munkar eta tea can tang...tos malihan mah aya nu sholat nu cilaka fawailullilmusholin komo nu te sholat komo nu te puasa.  

ibarat urang boga imah gedong tah moal katingali gedong bertingkat tah katingalina eta imah gedong teh tatkala urang kaluar ti eta imahna, atawa lamun kuliah berat karasana tah aya nu leuwih berat nyaeta tatkala geus jadi sarjanana  komo lamun sarjana pengangguran, kumargi kitu simkuring seja gumajak ka diri pribadi oge ka parawargi sadayana hayu urang tingkatkeun amal ibadah urang diantawisna nyaeta ibadah puasa urang ieu ulah sampe ka menang ganjaran nahan lapar jeung haus hungkul sangkat urang benar-benar ngajadi jalmi ani taqwa ka allah swt amin yarobbal alamin sakitu nu kapihatur hapunten tina sagala kakirangana billahitaufikwalhidayah wassalamualaikum w.r.w.b

Post a Comment

0 Comments