Advertisement

Contoh Teks MC


السّلام عليكم ورحمة اللّه وبراكاته

الحمد للّه ربّ العلمين   وبه نستعين على امور الّدنيا والّدين
الصّلوة والسّلام  على اشرف الانبياء والمرسلين  وعلى اله
 وصحبه اجمعين    امّا بعد
فقال اللّه تعلى فى القران الكريم
              أعوذب اللّه من الشيطن الرّجيم    بسم اللّه الرّحمن الرّحيم

   
   إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا (الاحزاب :56)

Hadirin Rohimakumullah.....
Langkung tipayun puji kalih syukur urang sanggakeun ka Allah SWT .
     Kalayan irodah mantena Alhamdulillah urang sadayana masih keneh di paparinan kasempetan pikeun ngariung mungpulung di ieu tempat, te aya sanes lian ti dina acara Mubalighinan anu parantos janten agenda urang salaku santri dina saban dua minggon sakali, mudah-mudahan urang dipaparinan kalancaran dina ngalaksanakeun ieu acara jeung mudah-mudahan ku ngalaksanakeuna ieu acara teh tambih sumanget pikeun urang dina nyiar elmu, oge ningkatkeun kreatifitas urang salaku santri anu ngagaduhan jiwa islam tur suci, boh lahir atanapi batina Amin ya Allah ya Robbal ‘alamin...

     Sholawat sinareng salam mugia tumetep dicurah limpahkeun ka panutan agung jungjunan urang sadayana nyatana Habibana wanabiyana warosulana wamaulana Muhammad SAW.  Ka kulawargina ka para sahabatna ka para tabiit tabiin nu turut ka mantena oge ka urang sadayana salaku umatna anu mudah-mudahan kengeng syafaat wal ujma jaga di yaumil qiyamah. Amin ya Robbal alamin.

Para Mudaris anu ku simkuring dipihormat oge ku Allah dimulyakeun, te kalangkung santriwan santriwati anu mudah-mudahan kengeng kaberkahan ti Allah SWT. Dina ieu kasempetan aya sababaraha acara anu baris dipintonkeun di antawisna Aosan ayat suci Al-Qur’an, Sholawat, oge tampilna para mubaligh mubaligoh jeng sajabana, namung sateuacana acara ieu dikawitan, mangga urang buka heula ieu acara ku maos Basmalah sasarengan “Bismillahirrohmanirrohim”.

Supados te nyangkolong teuing kana waktos urang lajengkeun wae acara nu salajengna nyaeta Aosan ayat suci Al-Qur’an anu bade di ‘Aoskeun ku saderek ...............................
Dihaturanan ka tempat anu parantos di sayogikeun..
---------------------------------------------------------------------------------------------
Hatur nuhun ka saderek ............... anu parantos maoskeun ayat suci Al-Qur’an mudah-mudahan pahala kanu maoskeuna oge kaurang sadaya anu ngadangukeuna cing janten landong panengtrem ati amin.
Acara nu salajengna Tawasul anu bade disanggakeun ka ............... mangga dihaturanan
----------------------------------
Mudah-mudahan ku jalan wasilahna naon pamaksadan urang sadayana di ijabah ku allah SWT amin.

Salajengna lantunan Sholawat anu baris dipintonkeun ku .......... sareng akhwatna oge ke disarengan ku urang sadayana.
-----------------------------
Mudah-mudahan ku ngalantunkeuna sholawat, cing tambih-tambih kacintaan urang ka Allah sareng ka Rasulullah SAW.

Hadirin anu ku simuring dipihormat rupina acara anu diantos-antos ku urang sadayana parantos nyekapan nyaeta tampilna para mubaligh kondang ti salah sawios santri, mubaligh anu ka hiji urang sanggakeun wae ka almukarom......... ti kampun............ atanapi utusan ti ......... kanggo ngabalakana  mangga... dihaturanan...
----------------------------
Alhamdulillah mubaligh ka hiji parantos ngadugikeun pituah-pituahna mudah2an tiasa katangkap ku urang sadayana intisarina nu beh dituna tiasa di amalkeun ku urang sadayana, urang lajengkeun wae ka mubaligh anu ka dua ti palih..... anu bade disanggakeun ka almukarom ............... waktos sareng tempat parantos nyekapan....
-------------------------------
Alhamdulillah mubaligh ka dua parantos ngadugikeun pituah-pituahna mudah2an tiasa katangkap ku urang sadayana intisarina nu beh dituna tiasa di amalkeun ku urang sadayana, urang lajengkeun wae ka mubaligh anu salajengna  anu bade disanggakeun ka almukarom ............... waktos sareng tempat parantos nyekapan....
-------------------------------
Hadirin Rahiakumullah tikawit dugika akhir, acara demi acara parantos dilaksanakeun namung sateuacana acara ieu ditutup sakumaha biasa, urang sanggakeun wae ka guru urang sadayana kanggo masihan pengarahan atanapi bimbingan boh ngeunaan teknis mubaliginan atanapi dina kahirupan urang salaku santri, mangga ka almukarom bapa .............. atanapi dewan PK, dihaturanan ka tempat anu parantos disayogikeun...........
-------------------------------
Sakumaha anu parantos didugikeun ku guru urang, mudah-mudahan urang salaku santri tiasa ngajalankeun ngalaksanakeun oge nga istiqomahkeuna dina kahirupan sapopoe, amin ya Allah Ya robbal alamin.

Salajengna bilih aya kreasi seni ti wawakil santri mangga,,,, pami te aya urang tutup wae ieu acara ku maoskeun do’a anu bade di pimpin ku saderek mangga kasanggakeun..... supados langkung Afdhol mangga urang akhiri ieu acara ku maos Hamdalah sasarengan “Alhamdulillahirobbil’alamin”.
    
Hapunten bilih aya kalepatan, nu saena dongkapna ti Allah SWT nu awona mah tina ka Alpaan simkuring,,,mugi sadayana tiasa ngahapunten.

سبحانك اللهمّ وبحمدك اشهد ان لااله الّا انت استغفرك واتوب اليه
بالله توفيق والهديه
والسّلام عليكم ورحمة اللّه وبراكاته

Post a Comment

0 Comments