Advertisement

Khutbah Jum'at Bahasa Sunda pada bulan suci ramadhan

 الحمد لله الذي هدانا سبل السلام وأفهمنا بشريعة النبي الكريم

أشهد ان لااله الا الله وحده لاشريك له ذو الجلال والإكرام

وأشهد أنّ سيّدنا ونبيّنا محمدا عبده ورسوله

اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى اله واصحابه والتابعين باحسان إلى يوم الدين، امّا بعد

فياايها الإخوان أوصيكم ونفسي بتقوى الله وطاعته لعلكم تفلحون

قال الله تعالى فى القران الكريم

أعوذ با الله من الشيطان الرجيم

بسم الله الرحمن الرحيم

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا

يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَنْ يُطِعِ اللَّهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنتُم مُّسْلِمُونَ

وقال أيضا

مَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ

صدق الله العظيم

Langkung tipayun puji kalih syukur urang sanggakeun ka allah swt kalawan qudrot irodat mantena Alhamdulillah dina danget ayeuna urang sadayana masih dipaparinan jatah yuswa ku alloh kanggo ngalaksanakeun salah sawios kawajiban urang salaku muslim, mudah-mudahan urang sadayana salawasna dipaparinan kakiatan oge kasabaran kanggo ngalaksankeun ibadah, sholawat sinareng salam mugia tumetep di curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana nyatana kanjeng nabi Muhammad saw, ka kulawargina para sohabatna tabiin, tabiit tabiin, tur dugi ka urang sadayana anu mudah-mudahan diangkeun janten umat mantena, oge kengeng leleberan syafatul ‘udzma jaga diyaumil jaza.. amiin ya robbal ‘alamin.

 

Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh

Dina dengeut ayeuna urang masih aya dina sasih rajab cindekna kaping 21 rajab 1442 H. te karaos sakedap deui urang baris mayunan sasih romadhon. 

sakumaha kauninga ku urang sadayana sasih rajab mangrupakeun sasih anu mulya margi pami ninggal kana asal katana rajab, sapalihna nguningkeun nyaeta tina ‘tarjib’ anu hartosna agung tur mulya, diantawisna kamulyaana sasih rajab teh sabab dina ieu sasih aya peristiwa monumental nyaeta di isrokeun sareng di mi’rajkeuna kanjeng nabi Muhammad saw. anu singkatna turuna parentahan sholat anu 5 waktu..

 

Numutkeun kasauran syekh abdul qodir jailani dina kitab algunyah rojab teh kasusun tina 3 huruf anu ro’ na mangrupakeun rohmatulloh rohmat allah, jimna judullah (kemudahan allah), ba’ na birrulloh (kebaikan allah) hartosna dina ieu sasih alloh swt maparinan tilu anugerah ka pirang2 hambana nyaeta limpahan rahmat, kamudahan, oge kasaean-kasaean.

 

Saterasna masih numutkeun pendapat syekh abdul qodir jailani yen rajab teh bulan pikeun urang ninggalkeun kagorengan, sya’ban pikeun ningkatkeun katoaatan, romadhon bulan pikeun mapag kamuliaan. Dina bahasa nu sanesna rojab mah bulan pepelakan, sya’ban bulan nyebor, romadhon bulan pikeun panen tina naon anu parantos di pelak ku urang. Tangtosna oge naon anu ku urang ke dipanen sajalan sareng naon anu ku urang di pelak.

Saur paribasa melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade bakal jadi hade nyakitu deui melak goreng jadi goreng.

 

Hadirin siding jum’ah rohimakumulloh

Kumargi kitu teu aya deui jalan anu payus tur pantes ku urang di lakonan dina raraga nyuprih kabagjaan dunia rawuh akherat kajaba ningkatkeun kaimanan sarta kataqwaan ka allah swt, anu eta kaimanan sinareng kataqwaan teh bakal ningkat sinareng kiat nalika di eusian ku urang ku pirang2 amal soleh dina kahirupan urang sapopoe.

 

Sakumaha dawuhan allah swt dina surat anahl ayat 97 anu unggelna:

مَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِنْ ذَكَرٍ أَوْ أُنْثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُمْ بِأَحْسَنِ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ

Sing saha jalma anu amal sholeh boh lalaki atawa awewe barina ari eta jalma the iman maka pasti kami bakal mere kahirupan ka eta jalma kalawan kahirupan anu sae/beres/baik. Jeung kami bakal mere balasan kana pahala maranehanaan kalawan pang alusna-alusna balasan tina naon perkara anu dipigawe ku maranehannana.

 

 

قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: "إن اللَّهَ لَا يَظْلِمُ الْمُؤْمِنَ حَسَنَةً يُعْطَى بِهَا فِي الدُّنْيَا وَيُثَابُ عَلَيْهَا فِي الْآخِرَةِ

وَأَمَّا الْكَافِرُ فَيُعْطِيهِ حَسَنَاتِهِ فِي الدُّنْيَا حَتَّى إِذَا أَفْضَى إِلَى الْآخِرَةِ،

 لَمْ تَكُنْ لَهُ حَسَنَةً يُعْطَى بِهَا خَيْرًا

 

 

جعلنا الله واياكم من الفائزين الآمنين

وأدخلنا واياكم في زمرة عِبَادِهِ المؤمنين

 

آمين يا الله يا رب العالمين

بارك الله لي ولكم

 

Post a Comment

0 Comments